Pages

Senin, 25 Maret 2013

Essay Bahasa Sunda

Syekh Puji?


Nu kasebut jalma normal pasti boga rencana jeung cita-cita, hayang bagja embung sangsara pangpangna di rumah tangga. Henteu mung lahir wungkul tapi batinna oge kedah kacumponan. Milih pasangan pibatureun hirup teh lain sakadar bogoh kana dedeg pangadegna wungkul, tapi kudu diitung syarat-syarat anu sejenna, eta mah boh milih pipamajikeun atawa pisalakieun. Kitu garis badagna dina urusan rumah tangga.
Urang kedah terang heula naon ari tujuan nikah teh. Kajadian ngambah rumah tangga nincak dina yuswa can cukup umur, tangtu harepanana rumah tangga oge sarua, hayang tinemu jeung kabagjaan. Dina sareat hukum islam hakekat nu jadi sarat nikah teh nyaeta cumpon kana sarat rumah tangga nu bakal pibagjaeun.
Sanajan ceuk fiqih sarat nikah tos jelas, tapi hakekatna mah nu bade rumah tangga teh kedah terang heula kana tujuan nikah. Pan dina Undang-undang Perkawinan oge tos aya watesan yuswa istri  minimal 16 taun pameget 19 taun. Ayeuna mah justru nikah can cukup umur teh jadi tren rumaja kiwari. Ngahariwangkeun pisan.
Kumaha upama dipatalikeun jeung pertikahan Syekh Puji? Sanajan hukum nikah nu dilakukeun Syekh Puji ceuk sareat mah sah, tapi bakal pimadoroteun. Alatan nikah ka umur 12 taun dasarna Kangjeng Rosul, eta mah lepat ngalarapkeunana. Da, pertikahan Kangjeng Rosul mah ka Siti Aisyah eta mah kalebetna hukum husus nu istimewa pikeun Kangjeng Rosul saperti husus nikah leuwih ti opat kali. Geus cumpon sarat dumasar kana hukum islam pikeun umat Rosul, nyaeta ukuran dewasa (terang kana tujuan  nikah), upama istri umurna tos 16 taun. Eta teh minimalna.
Pikeun nyegah rumah tangga nu pasalia samodel sababaraha kajadian, dina era globalisasi ieu kudu aya gawe bareng antara para ulama jeung Komnas HAM anak, supaya sinergi. Sabab, upama ninggal tina sisi hukum, pertikahan samodel Syekh Puji henteu tiasa diputuskeun kitu-kitu wae. Paling oge tina diputuskeun alatan ngalanggar HAM anak tea. Kitu deui dina gerakan da’wah masalah-masalah rumah tangga kudu bener-bener pangajaran hukum islamna, ngarah urang ngarti makna nikah anu sabenerna.

0 komentar:

Posting Komentar